Teu Eling Aeh-aeh (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi M. H.

Elekesekeng,
hol deui si manehna
ngajirim dina kokolebat
estu tateh kudu kitu

aeh, kuring milu ngajirim ngababuk rasa nalaktak reuhak nu matak balangsak
aeh, hol deui si manehna
noroweco kana hate
reuheus deuheus hareuas heuras
har, tugening matak cangcaya

kuring teu eling
nyieun sajak teu make tumis suling
aeh, ah sabodo
make licentia puitika sabada harita
aeh, hol deui si manehna

tapi kieu, kuring ngagending karesmen
prung ah ngigel
cul dogdog tingal igel
kieu, "lir bentang caang ku lilin, estu eta pamohalan rongkah, tapi katumiri anu matuh ngagolosorkeun meumeut tresna nu baheula, aeh aeh teu eling na sastra nyieun warta, kuring teh masih tresna ka manehna, tapi na ngimpi"
aeh, da duka laksana duka kalaksana

cag, juragan!

Garut, Agustus 2010

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer