Eh Salira 2 (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ardi M. H.

Salira seuri dina kasusah kuring
Saenyana, salira baranang dina langit nu katutup mega
Teu katenjo sok sanajan kukumahaan oge
Teu katenjo sok sanajan kukumahaan oge

Na jero manah, aya rasa nu rongkah nyeredet
Na jero manah, gugupayan kapait jeung kahese
Caritakeun ku salira!
Kuring bakal sopan kalayan teu leungeus

Hese cape kaluar tina kaayaan kieu
Hese cape kaluar tina kaayaan kieu
Salira seuri dina kasusah kuring
Salira seuri dina kasusah kuring

Tapi tenjo ke jaga
Jaga ke tenjo ku salira
Kuring jadi sinatria kalawan laku lampah nu sajati
Caritakeun ku salira, kuring datang mawa ngaran nu seungit tur wangi


Garut, Agustus 2010

1 komentar:

ini aku mengatakan...

sooook lah a,,,he,

Posting Komentar

Tulisan Populer