Bentang Gumujeng (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi Mulyana H.

Cag ngarumbay kana manah
Salembar rasa kaheman
Bibilintik ti leuleutik
Mapay-mapay gawir lamunan

Lur diulur, tot dibeutot
Kaditu kadieu
Silih asuh kasono
Silih baledog katersna

Dek kamana duh mojang nu kamari
Basa eta basa wanci lelengkah halu
Anjeun datang mawa kecap,
“Akang, Nyai teh kersa jadi bojo Akang!”


Asana moal aya kabingah nu nyeuleucep tiis kana hate
Salian kecap jeung laku lampah Nyai sauyunan
Sabab jalma mah omongan nu dicepengna
Seug Nyai, wartoskeun ka Ibu Rama anjeun


“Lamun bulan moncorong caang jeung bentang garumujeng
Wanci angin leutik mepende, nebak kekembangan di buruan
Sing yakin sing percaya
Akang datang jeung kolot, baris nanyaan”

Garut, April 2010

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer