Harewos Cacah (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi Mulyana H.

Heug ku kaula dianteur
Di palataran rek kumawantun
Jung gera cumarita
Lain agul lain jumawa

Tanyakeun kecap nu pernah medal basa harita
Dina mangsa usum ngecrik sora
Lain sono rek ngaloloho
Tapi nginget-nginget nu ges poho

Sabab kuring cacah bakal salah
Lamun teu ngelingan acan
Sok atuh gera petakeun
Sangkan rahayat hirup barokah

Garut, April 2010

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer