Panon Duit (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi Mulyana H.

Sok gera tingali jaman kiwari
Panon duit pating araclog dina meja
Siga bandar jeung nu meuli
Adu tawar adu kahayang

Batin mah ceurik tapi teu bijil
Naha bet kieu
Naha bet kitu
Naraha nya?

Kuring teu sadar jeng teu apal
Jol-jol ngaguprak tina risbang
Paingan kieu paingan kitu
Singhoreng simanahoreng

Eta kajadian teh aya dina alam impenan

Garut, April 2010

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer